Difference between revisions 339605 and 339607 on sourceswiki

===Carita Pantung Ngahiangna Pajajaran===

''Pun, sapun kula jurungkeun''

''Mukakeun turub mandepun''

''Nyampeur nu dihandeuleumkeun''

''Teundeun poho nu baréto''

''Nu mangkuk di saung butut''

''Ukireun dina lalangit''

''Tataheun di jero iga!''
(Dikutip oleh fendy)

===UGA WANGSIT SILIWANGI===
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang:
Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia!
Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak,  ngilu rudin bari lapar.
Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran!
Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman!
(contracted; show full)

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

[[Category:Sunda]]