Difference between revisions 382061 and 419671 on suwiki

{{gabungka|Yayasan Kabudayaan Rancagé}}

'''Yayasan Kabudayaan Rancage''' teh salah sahiji lembaga nirlaba anu icikibung dina widang basa sareng sastra, pangpangna basa sareng [[sastra Sunda]], [[Jawa]], [[Bali]] sareng [[Lampung]]. Anu naratasna nya eta sastrawan [[Ajip Rosidi]] dina dasawarsa taun 1980-an katompernakeun. Kagiatan ieu yayasan pangpangna mah ngaleler [[Hadiah Sastra]] [[Rancage]] unggal taun ka pangarang sastra daerah sareng ka tokoh nu kagungan jasa makayakeun basa sareng sastra daerah di [[Tatar Sunda]], Jawa, Bali sareng Lampung. Lian ti ngaleler Hadiah Sastra Rancage, ka dieunakeun, ti mimiti taun 1993 ngaleler [[Hadiah Samsoedi]] deuih, ka pangarang [[buku bacaan barudak]] dina basa Sunda. Tos ti beh ditu keneh saleresna mah, Yayasan Kabudayaan Rancage gaduh maksad seja masihan panghargaan ka guru-guru basa Sunda. Utamina mah eta teh angen-angen Ajip Rosidi sareng [[Hassan Kartadjoemena]]. Tapi nembe kalaksanakeun ti kawit taun 2008, dinamian [[Hadiah Hardjapamekas]]. Eta nami panghargaan teh dianggo kumargi, sateuacanna kantos janten angen-angen nu kagungan maksad. Kalawan diwuwuh sareng dirojong ku kulawarga [[Hardjapamekas]], ieu panghargaan Hadiah Hardjapamekas teh dipasrahkeun unggal taun ka guru basa Sunda anu kagungan prestasi sareng dedikasi anu kawilang nyongcolang, numutkeun pameunteun Dewan Juri Hadiah Hardjapamekas.<ref name="biografi">{{en}}Leaflet wawaran Pinunjul Hadiah Hardjapamekas 2008.Yayasan Kabudayaan Rancage.Jakarta 2008.kaca 2-3</ref> Yayasan Kabudayaan Rancage diadegkeun dumasar Akta Notaris Imas Fatimah,SH Nomer 136, tanggal [[23 Maret 1993]], diluyukeun kana UU No 28 Taun 2004 nganggo Akta No 55 tanggal 15 September 2006.<ref name="lembaga">{{en}}Buku panduan Hadiah Sastra Rancage 2010.Universitas Negeri Yogyakarta 29 Mei 2010.kaca 3</ref>

{{Pondok}}
[[kategori: lembaga]]
[[kategori: lembaga kasundaan]]



==Pangurus Yayasan Kabudayaan Rancage==
'''Panaratas''': Ajip Rosidi, [[Erry Riyana Hardjapamekas]], H.R.[[Deddy Anggadiredja]],SE,MBA, Hj. Patimah, Prof.Dr.H. [[Edi Suhardi Ekadjati]], [[H.I.Martalogawa]], Drs.H. Ahmad Mustopfa,SH, Hj.Nunun Nuki Aminten, Dr.H.Zainuddin Djafar,MA,Hj. Titi Surti Nastiti,MA, Dr.H. Uga Perceka, Titis Nitiswari, H. Muhammad Nundang Rundagi, H. Rangin Sembada, Ahmad Rivai.
'''Dewan Pembina''': Ajip Rosidi (Ketua), [[Hassan S Kartadjoemena]] (Wakil Ketua)
'''Anggota Dewan Pembina''': Drs. [[Hana Djumhana Bastaman]], [[H. Nano.S]], S.Kar,Hj. Patimah,Drs.H. Ahmad Mustofa,SH, Hj. Nunun Nuki Aminten.
'''Dewan Pengurus''': Erry Riyana Hardjapamekas (Ketua) H. Achmad Darsana (Wakil Ketua),Ahmad Rivai (Sekretaris) Hj. Dr. [[Titi Surti Nastiti]] (Bendahara)
'''Anggota Dewan Pengurus''': Hj. Aisyah Ganie, Dr.H. Zainuddin Djafar,MA, Dr.H. Uga Perceka, H. Muhammad Nundang Rundagi, H. Rangin Sembada, Dewi Delila Deigratia, Drs. [[Hawe Setiawan]].
'''Dewan Pengawas''': Farid Prawiranegara
'''Alamat Sekretariat''': Rawabambu No 38, Pasar Minggu Jakarta 12520 Indonesia. Tlp (021) 7806029, Fax (021) 3909320.<ref name="lembaga">{{en}}Buku panduan Hadiah Sastra Rancage 2010.Universitas Negeri Yogyakarta 29 Mei 2010.kaca 3</ref>



==Rujukan==
{{Reflist}}

[[ar:منظمة]]
[[arc:ܛܘܟܣܐ]]
[[az:Təşkilat]]
[[be:Арганізацыя]]
[[be-x-old:Арганізацыя]]
[[bg:Организация]]
[[bs:Organizacija]]
[[ca:Entitat]]
[[ckb:ڕێکخراوە]]
[[cs:Organizace]]
[[da:Organisation]]
[[de:Organisation]]
[[en:Organization]]
[[eo:Organizaĵo]]
[[es:Organización]]
[[et:Organisatsioon]]
[[eu:Antolakuntza]]
[[fa:سازمان]]
[[fi:Organisaatio]]
[[fr:Organisation]]
[[gl:Organización]]
[[gu:સંસ્થા]]
[[he:ארגון]]
[[hi:संगठन]]
[[hr:Organizacija]]
[[id:Organisasi]]
[[io:Organizuro]]
[[is:Samtök]]
[[it:Organizzazione]]
[[ja:組織 (社会科学)]]
[[jv:Organisasi]]
[[kk:Ұйым]]
[[km:អង្គភាព]]
[[ko:조직 (사회과학)]]
[[la:Organizatio]]
[[lt:Organizacija]]
[[lv:Organizācija]]
[[map-bms:Organisasi]]
[[mk:Организирање]]
[[mr:संस्था]]
[[ms:Pertubuhan]]
[[mzn:سازمان]]
[[nl:Organisatie]]
[[nn:Organisasjon]]
[[no:Organisasjon]]
[[pl:Organizacja]]
[[pt:Organização]]
[[qu:Tantanakuy]]
[[ro:Organizație]]
[[ru:Организация]]
[[sah:Тэрилтэ]]
[[sh:Organizacija]]
[[si:සංවිධානය]]
[[simple:Organization]]
[[sl:Organizacija]]
[[sr:Организације]]
[[sv:Organisation]]
[[ta:அமைப்பு]]
[[te:సంస్థ]]
[[th:องค์การ]]
[[tl:Organisasyon]]
[[tr:Organizasyon]]
[[uk:Організація]]
[[vi:Tổ chức (việc)]]
[[yi:ארגאניזאציע]]
[[yo:Àgbájọ]]
[[zh:组织 (社会学)]]