Difference between revisions 384411 and 401853 on suwiki

{{gabung|Maén bal}}
[[Gambar: US Navy 090606-N-5650M-004 Fire Controlman 2nd Class Christopher Sabens, stationed on USS Forrest Sherman (DDG 98), shoots a goal.jpg|thumb| Méngbal]]
 
'''Méngbal''' nya éta salah sahiji [[olah raga]] [[kaulinan]] [[bola gedé]], pikeun meunangkeun éta [[kaulinan]] kudu aya stategi anu dilarapkeun, aya sawatara strategi anu nyerang jeung anu mertahankeun kalayan pola anu bisa dilarapkeun ka unggal kesebelasan dina pertandingan. <ref name="sb"> [http://www.g-excess.com/6030/pengertian-permainan-sepak-bola-beserta-peraturannya/ Pengertian Permainan Sepak Bola Beserta Peraturannya] (Dicutat tanggal 12 November 2011) </ref>
Dina méngbal aya sababaraha pola nya éta pola nyerang jeung pola mertahankeun.<ref name="sb"/> Dina pola nyerang miboga tujuan nya éta ngasupkeun bola ka gawang lawan, kusabab kitu diperlukeun strategi jeung teknik dina nyerang.<ref name="sb"/> Sedengkeun pola mertahankeun pikeun méré perlawanan ka lawan sangkan henteu gol.<ref name="sb"/>  

=='''Sajarah Méngbal'''== 
Baheulana méngbal téh olahraga anu ahéng tur pikasieuneun ku sabab encan ayana peraturan [[FIFA]].<ref name="bola1"/> Para pamaéna osok silih serang anu teu kabendung anu balukarna anarkis.<ref name="bola1"/> Di [[Inggris]] pamaén méngbal dieureunkeun sababaraha waktu lila alatan loba anu cilaka.<ref name="bola1"/> Sajarah méngbal mimitina nalika masarakat [[Cina]] méngbal persisna nalika [[Dinasti Han]] sakitar [[abad ka-2]] jeung [[ka-3]].<ref name="bola1"/> Lain di [[Cina]] wungkul tapi di [[Jepang]] ogé tapi béda ngarana méngbal di Jepang disebut ''Kemari''. Jadi dina hakékatna mah olahraga méngbal téh mimitina di daérah [[Asia]] namung kamekarana jeung sumebarna méngbal [[Éropa]] anu ngamimitian ngamodifikasi méngbal jadi olahraga modéren anu dieuyeuban ku ayana peraturan dina maénna.<ref name="bola1"> [http://sejarahsepakbola.com/ Asal Mula dan Sejarah Sepakbola] (Dicutat tanggal 4 Oktober 2011) </ref>
 
=='''Aturan dina Méngbal'''==
Saencan maén kudu nataharkeun saperti :
# Jieun [[lapang]] méngbal anu ukuranan kudu opat persegi panjang, kalayan ukuran panjangna 100-110 M jeung lébar 64-75M.<ref name="sb"/> 
# Baju kudu sarua antara tim sangkan ngabédakeun antara lawan jeung ''kawan'', ungal tim ngawengku 11 urang di tambah 5 urang pamaén cadangan.<ref name="sb"/> 
# Lilana pertandingan méngbal nya éta 90 menit, anu kabagi dina 2 babak.<ref name="sb"/>  Babak kahiji lilana 45 [[menit]], waktu istirahat 15 menit dituluykeun ka babak kadua salila 45 menit.<ref name="sb"/> 
# Unggal pamaén ulah make kalengkepan anu matak cilaka saperti maké [[sapatu]] anu gampang lésot, maké [[gelang]], [[kalung]], [[cincin]] jeung [[anting]], jeung [[kuku]]na panjang.<ref name="sb"/>  Anapon aturan pertandinganna nya éta: 
*Mimiti Pertandingan
Dina mimitina kudu disiapkeun pikeun tatahar saperti  milihan tempat atawa gawang jeung ''tendangan awal'' atawa ''kick off'' kudu di undi.<ref name="sb"/>   Kasebelasan anu meunang undian bisa ngalakukeun ''tendangan awal'' melakukan tendangan awal anu dimimitina tina titik permulaan tengah lapangan saenggeus [[wasit]] méré isyarat atawa niup peluit.<ref name="sb"/> 
* Waktu Pertandingan
Salila lumangsungna pertandingan, ulah aya pamaén anu ninggalkeun lapanagan bari euweuh widi ti wasit iwal pamaén anu ngabutuhkeun perawatan [[kaséhatan]] atawa cilaka.<ref name="sb"/>  Para pamaén bisa ninggalkeun lapang dina kaayaan saperti ''Throw'' in pikeun ngalungkeun bola ka jero, ''Corner Kick'' atawa tendangan sudut, kasurungkeun ka luar, pikeun menerkeun [[tali sapatu]], myingkahan tina ''perangkap Off Side''.<ref name="sb"/>  Wasit miboga wewenang mawa tindakan salila mingpin éta pertandingan nepi ka anggeusna, antara lain méré pépéling ka pamaén, ngaluarkeun pamaén ti lapang, méré hukuman ka pamaén anu ngarempag aturan, ngaeureunkeun pertandingan pikeun samentara atawa satuluyna.<ref name="sb"/>

==catetan==
{{reflist}}
[[Kategori: Olahraga]]
[[Kategori: Kaulinan nu maké bola]]
[[id: Sepak Bola]]
[[gn:Vakapipopo (Mombe'urã)]]
[[hif:Football (soccer)]]