Difference between revisions 386854 and 387031 on suwiki

{{delete}}
== PELOG SEJATI OLEH IING SALKI, S.Sn ==

Iing Salki, S.Sn Pelog Sejati."Raden Mahyar Angga Koesoemadinata salaku tokoh seniman Sunda anu teu aya tandingna ngeuanan elmu pamendakna ti Zaman harita dugi ka ayeuna.Anjeuna nyaurkeun dina bukuna ELMU SENI RARAS, yen di Sunda  aya raras "pelog sejati"/Sajatining Raras Pelog". Hasil pangukuran Rd Mahyar Anggakoeseomadinata ngagunakeun monokrod, nyaeta; 5 (la) 141 4 (ti) 141 3(na) 212 3-(ni) 212 2(mi) 70 1(da) 212 5+(leu) 212 5(la. Jarak antara(contracted; show full)g anu liangna aya sapuluh, persis, liang suling anu genep, tinggal ditambahan tina liang anu genep dina posisi nyekel suling liang genep jadi sapuluh liangna. Jadi lamun rek niup suling Sunda lubang genep tinggal tong dibuka 2 indung leungeun jeung 2 cinggir.Al hasil suling Sunda wanda cianjuran nu geus aya nu liang na genep henteu robah, tetep siga titinggal karuhun baheula, ngan nu kuring sulingna ditambahan liangna jadi sapuluh. Henteu pisan-pisan ngarogah suling nu geus aya liang genep tibaheulana. Jeu
ngm malah rea anu geus nyarieun nambahan liang suling. Nu geus rada ilahar suling 7 liangna. Tapi kacida kagetna kuring waktu  diajak manggung ku lanceuk kuring Eti Sumiati, S.Sn, anu nyulingna Ku Pa Yeyep Guru SMKI (ayeuna SMK 10) anjeuna geus nyieun liang suling 8 liangna, kira-kira tahun 2011 harita manggungna jadi kuring harita ningali suling aya 8 liangna . Sora suling kacida ahengna jeung beda tinu 6 liangna atawa 7 liangna. Kuring ngobrol jeung pa Yeyep yen sabenerna Kuring IING SALKI, S.Sn, geus nyieun(contracted; show full)as Sunda bisa di maenkeun. Nu lengkep larasna mah ngan aya dina Rebab jeung Vokal manusana/Sinden. Maka raden Mahyar salila 40 tahun terus berjuang ngabuktikeun pamikiranna naha dina gambelan teu bisa lengkap?  kakarek na rebab nu bisa teh. Nya akhirna kapanggih gambelan anu lengkap larasna Nyaeta 17 nada. Kakarek eta gambelan teh bisa ngamaekeun satiap RARAS, tapi sulingna mah can Kabahas. Karek Nepi ka 6 Liangna. 
Kuring IIng Salki, S.Sn tumanya dina diri 1. naha ari Suling teu bisa lengkap jiga rebab?,

2. dina kacapi wanda cianjuran disebutna                                          2. dina kacapi wanda cianjuran disebutna
                                             "KACAPI SULING", tapi naha  lamun Larasna         Salendro teu make Suling, jeung panambihna ku rebab, atuh meureun lain kacapi suling ngaranna nu kurebab mah berarti kacapi rebab. Kuring sok ngobrol jeung dosen ASTI harita, nyaeta Sunarto, S.Sn,lanceuk ipar kuring. Ceuk anjeunna cenah da lain kacapi suling, ari kurebab mah sabab, kacapi tembang mah ku suling di sebutna KACAPI SULING. Naha atuh atuh Salendrona teu ku suling ceuk kuring nanya. Jawabna ceuk Kang Sunarto "pedah ca aya nu bisaeu(contracted; show full) /10 jari mah bisa aya larasna. Kuring sok mindeng nuturkeun kaset rekaman bu Gugum Gumbira raras Salendro wanda Cianjuran , atawa raras salendro rekaman Bu Ida wati, disulingan deui ku kuring make suling KYAI SANCANG MA'UN, Kuring boga kayakinan suling 10 jai bakal ka buka jadi tambahan pikeun kamotekaran seni Sunda. Rek laras musik, rek pop sunda, geus puguh laras Urang sunda nu aya dina rebab lengkap aya dina Suling 10 liang/ 10 jari.  Muga-muga ditulis di Bandung  September 2012 ku IING SALKI S.Sn