Difference between revisions 396587 and 396821 on suwiki

[[Gambar:Benq laptop.jpg|thumb|250px|Right|Leptop]]


[[Léptop]] (dipikawanoh ogé kalayan istilah notebook) manrupa [[komputer portabel]], leutik sarta bisa dibawa ka mana-mana, anu terintegrasi dina hiji casing. <ref name="Léptop"> [http://www.lintasberita.com/Teknologi/Komputer/pengertian-laptop Léptop] </ref> [[Batré]] atawa [[adaptor]] mangrupa asal [[listrik]] ti léptop, urang henteu kudu nyambungkeunana jeung arus listrik kawas komputer. <ref name="Notebook"> [http://id.shvoong.com/how-to/writing/2163179-pengertian-laptop/ Notebook] </ref> [[Batré]] [[laptop]] umumna bisa tahan kira-kira sajam nepi ka genep jam, gumantung ti pamakéan, spesifikasi, sarta ukuran batré. <ref name="Notebook"> </ref> [[Léptop]] dirarancang pikeun nangtayungan layar sarta keyboard, tapi beuki mekarna [[téknologi]], ayeuna aya sawatara léptop ngan ngawangun layar waé sarta ngabogaan layar [[touchscreen]]. <ref name="Notebook"> </ref> 

Minangka komputer pribadi, [[Léptop]] ngabogaan fungsi anu sarua jeung [[Komputer Desktop]]. <ref name="Fungsi"> [http://wss-id.org/blogs/debby_ratnasari_sby/archive/2007/09/23/apa-ya-laptop.aspx Fungsi]</ref> Komponén anu aya dijerona nya éta sarua jeung anu aya dina [[Komputer Desktop]] jeung ukuran anu leuwih leutik, leuwih hampang, henteu panas sarta irit listrik.  <ref name="Fungsi"> </ref> [[Léptop]] lolobana ngagunakeun layar LCD (Liquid Crystal Display) ukuranana 10 inci nepi ka 17 inci gumantung kana ukuran [[léptop]] éta sorangan. <ref name="Fungsi"> </ref> Sajaba ti éta, [[keyboard]] anu aya dina léptop ogé dilengkepan kalayan touchpad atawa dipikawanoh ogé minangka trackpad anu boga fungsi minangka penggerak [[kursor]] mouse. <ref name="Fungsi"> </ref> [[Keyboard]] sarta Mouse tambahan bisa dipasang ngaliwatan soket USB. <ref name="Fungsi"> </ref>



{{Pondok}}

==Referensi==
{{reflist}}
* [http://www.wahanalaptop.com/ Laptop bekas]

[[Kategori:Barang Elektronik]]
[[Kategori:Notebook]]

[[hy:Նոութբուք]]