Difference between revisions 403530 and 403579 on suwiki

{{delete}}
Desa Gereba teh asalna ngahiji sareng Desa Ciakar kalayan Kuwu/ Kapala Desana dijabat ku Bapa Kuwu Ahmad nuju jaman penjajahan  eta saur carita sepuh di wewengkon Desa Gereba, ssaterusna dijabat ku Ibu Ningsih anu katelah Ibu Kuwu Mahi tea . Di wewengkon Gereba Ciakar mah moal bireuk deui ka eta awewe anu rancingeus, tanginas tur binekas, malah saurna anjeuna teh kagungan senjata api Bedil Gern tea cenah baheula mah disebut na teh. Ka beh dieu na keun anu abdi emut Desa Gereba teh dipimpin ku Kuwu/ Kepala desa anu jenengan Bapa Kuwu Mantri Juhriman, pituin urang Desa Ciakar.
Kirang langkung dina taun 1982 an , abdi masih emut pisan (yuswa abdi harita 10 taun), Desa Ciakar teh dimekarkeun jadi dua desa nyaeta Desa Ciakar sareng Desa Gereba.
Malah harita diayakeun kaenian beluk dina raraga ngabageakeun Dua DESA anu anyar dimekarkeun tea. Kasenian beluk dipintonkeun di Bale Desa Gereba.

Kuwu munggaran anu ngajabat di Desa Gereba nyaeta Bapa Kuwu Ohim Supriadi pituin urang Gereba Kampung Naggerang (taun 1982) diteraskeun ku Bapa Kuwu Udin , ayeuna dicangkeng ku Ibu Kuwi Icih.

Hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan dina ngaguar sajarah Desa Gereba

(Diguar ku Rolas Andreas, ST. IAI tanggal 23 Januari 2013)