Difference between revisions 480242 and 528728 on suwiki[[Gambar:Sajak.png|thumb|125px|Sajak]] '''Sajak''' nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun ''Kamus Umum Basa Sunda'', sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar<ref name=Kamus Umum Basa Sunda>LBSS. (2007). ''Kamus Umum Basa Sunda''. Bandung: CV. Geger Sunten, kc. 114</ref>. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaeta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma <ref>Mustappa, A. (2013). ''Wirahma Sajak''. Bandung:Pustaka Jaya, kc. 14</ref>⏎ ⏎ Dina wangun kasusastraan Sunda, '''Sajak''' téh kaasup dina katégori Sastra Modeéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, ''"kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. ([[Kiswa Wiriasasmita]]) nulis sajak"'', kitu pisaur Pa ''[[Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda|Abdullah Mustappa]]''.<ref>''Saratus Sajak Sunda, Pangbagéa 46 Taun Sajak Sunda''. Geger Sunten-Bandung 16-12-92.</ref> Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina [[sastra Sunda]] nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari. == Cara ngarang sajak == Cara atawa téknik ngarang sajak di antarana : * Ku kecapan dina sajak kudu dipilihan , ulah siga prosa anu nulungan sadayana * Nepikeun maksud sajak, pangarang sajak sok tara nepikeun maksud sajak sajak éta téh kedah == Rujukan == {{reflist}} {{Sastra-pondok}} [[Kategori:Sastra Sunda modern]] All content in the above text box is licensed under the Creative Commons Attribution-ShareAlike license Version 4 and was originally sourced from https://su.wikipedia.org/w/index.php?diff=prev&oldid=528728.
![]() ![]() This site is not affiliated with or endorsed in any way by the Wikimedia Foundation or any of its affiliates. In fact, we fucking despise them.
|