Difference between revisions 528767 and 528768 on suwiki

[[Gambar:Sajak.png|thumb|125px|Sajak]]
'''Sajak''' nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun ''Kamus Umum Basa Sunda'', sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar<ref name=Kamus Umum Basa Sunda>LBSS. (2007). ''Kamus Umum Basa Sunda''. Bandung: CV. Geger Sunten, kc. 114</ref>. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaeta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma <ref>Mustappa, A. (2013). ''Wirahma Sajak''. Bandung:Pustaka Jaya, kc. 14</ref>

Dina wangun kasusastraan Sunda, '''Sajak''' téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, ''"kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. ([[Kiswa Wiriasasmita]]) nulis sajak"'', kitu pisaur Pa ''[[Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda|Abdullah Mustappa]]''.<ref>''Saratus Sajak Sunda, Pangbagéa 46 Taun Sajak Sunda''. Geger Sunten-Bandung 16-12-92.</ref> 
Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina [[sastra Sunda]] nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari.

== Cara ngarang sajak ==
Cara atawa téknik ngarang sajak di antarana :
* Ku kecapan dina sajak kudu dipilihan , ulah siga prosa anu ngagunakeun basa salancar
* Pangarang kudu bisa nyamunikeun maksud dina kekecapan anu puitis
* Ayana lisensi puitika (manasuka) ti pangarang jadi kakuatan kabébasan anu tan wates wangen dina ngarang sajak

== Rujukan ==
{{reflist}}

{{Sastra-pondok}}

[[Kategori:Sastra Sunda modern'''Sajak '''atawa '''Puisi''' (tina bahasa Yunani kuno: ''{{Polytonic|ποιέω/ποιῶ}}'' (poiéo/poió) = ''I create'') nyaéta hiji [[seni]] tinulis. Dina wangun ieu seni, saurang panyair ngagunakeun basa pikeun nambahan kualitas éstétis kana makna sémantis.

Nekenkeun kana segi éstétik hiji basa jeung pamakéan jeung pangulangan nu dihaja, méter sarta rima mangrupa perkara nu ngabédakeun antara sajak jeung [[prosa]]. Ngan ieu pabédaan masih kénéh dipadungdengkeun. Sawangan kaum awam biasana mah ngabédakeun sajak jeung prosa tina jumlah hurup sarta kalimah dina éta karyana. Sajak leuwih singget jeung padet, sedengkeun prosa leuwih ngaguluyur sakumaha ngébréhkeun carita. Sawatara ahli modérn miboga définisi sajak lain minangk jinis literatur tapi minangka wuwujud imajinasi manusa, nu jadi sumber sagalaning kréativitas. Lian ti kitu sajak ogé mangrupa ébréhan eusi haté hiji jalma nu mawa batur kana kaayaan haténa.

[[Kategori:Sastra]]