Difference between revisions 528769 and 528786 on suwiki{{tanpa rujukan}}⏎ '''Sajak '''atawa '''Puisi''' (tina bahasa Yunani kuno: ''{{Polytonic|ποιέω/ποιῶ}}'' (poiéo/poió) = ''I create'') nyaéta hiji [[seni]] tinulis. Dina wangun ieu seni, saurang panyair ngagunakeun basa pikeun nambahan kualitas éstétis kana makna sémantis. Nekenkeun kana segi éstétik hiji basa jeung pamakéan jeung pangulangan nu dihaja, méter sarta rima mangrupa perkara nu ngabédakeun antara sajak jeung [[prosa]]. Ngan ieu pabédaan masih kénéh dipadungdengkeun. Sawangan kaum awam biasana mah ngabédakeun sajak jeung prosa tina jumlah hurup sarta kalimah dina éta karyana. Sajak leuwih singget jeung padet, sedengkeun prosa leuwih ngaguluyur sakumaha ngébréhkeun carita. Sawatara ahli modérn miboga définisi sajak lain minangk jinis literatur tapi minangka wuwujud imajinasi manusa, nu jadi sumber sagalaning kréativitas. Lian ti kitu sajak ogé mangrupa ébréhan eusi haté hiji jalma nu mawa batur kana kaayaan haténa. {{Sastra-pondok}} [[Kategori:Sastra]] All content in the above text box is licensed under the Creative Commons Attribution-ShareAlike license Version 4 and was originally sourced from https://su.wikipedia.org/w/index.php?diff=prev&oldid=528786.
![]() ![]() This site is not affiliated with or endorsed in any way by the Wikimedia Foundation or any of its affiliates. In fact, we fucking despise them.
|