Revision 387031 of "Obrolan:Machjar Angga Koesoemadinata" on suwiki

{{delete}}
== PELOG SEJATI OLEH IING SALKI, S.Sn ==

Iing Salki, S.Sn Pelog Sejati."Raden Mahyar Angga Koesoemadinata salaku tokoh seniman Sunda anu teu aya tandingna ngeuanan elmu pamendakna ti Zaman harita dugi ka ayeuna.Anjeuna nyaurkeun dina bukuna ELMU SENI RARAS, yen di Sunda  aya raras "pelog sejati"/Sajatining Raras Pelog". Hasil pangukuran Rd Mahyar Anggakoeseomadinata ngagunakeun monokrod, nyaeta; 5 (la) 141 4 (ti) 141 3(na) 212 3-(ni) 212 2(mi) 70 1(da) 212 5+(leu) 212 5(la. Jarak antara nadana nyaeta ngagunakeun ukuran Cents, tina 5(la) kana 4(ti) 141 Cents jeung saterusna nu tadi diluhur, tina 5 (la) rendah kana 5(la) luhur/tinggi = Oktaf 1200 Cents. Tah eta salah sahiji nu ditulis ku Pa Mahyar dina buku Elmu Titi Raras. Jadi Raden Mahyar mah nulis notasi nateh ti beulah katuhu maju ka kenca sapertri halna saron atawa alat karawitan sunda lainna, oge alat musik ti katuhu ka kenca ngarendahan, ti kenca ka katuhu  ngaluhuran/ tinggi nadana atawa sorana. Raden Mahyar mah nulis notasi na, ti beulah katuhu ka kenca jiga nulis huruf arab (alif heula ti beulah katuhu, jadi lain da-mi-na-ti-la (nulis ti kenca jiga hurup laten, tapi la-ti-na-mi da (ditulis hurup Da (1) ti beulah katuhu siga hurup arab). Jadi angka hiji ti belah katuhu saperti halna dina saron gambelan nyaeta 5-4-3-2-1-5 ti kenca angka 5(la).#( omat lamun nulis na ti beulah kenca kudu la-ti-na-m-da-la/5-4-3-2-1-5 ulah da-mi-na-ti-la/1-2-3-4-5 )#, jadi engke moal lieur lamun nerangkeun/nyaritakeun Petet/atawa lagon/atawa ceuk musikna mah Modus. Dina hal ieu sim kuring IING SALKI, S.Sn utang itung tina hal Cents  (jarak nada Pelog Sejati/Pelog Ajeg tadi nya luar biasa nyambun jeun Filsafat Dwi Harjito ngeunaan nada dina Bukuna "Filsafat Nada" yen ceuk Jaap Kunts musik di dunya nu alus, jeung nguenah kadengena kudu aya dina wilayah kempyung atawa Kwint anu cent na ti 600 Cent nepi ka 720 Cent. Dina buku Elmu Seni Raras kaca 15 ditulis "Interval yang sangat wigati(sangat penting) karena menjadi jiwa seni raras  (musik) ialah interval kempyung (quint) sebesar +- 630 cents sampai +- 720 cents". Dina hal eta ku sim kuring di itung nu gampang tina Pelog Sejati/Pelog Ajeg tadi 5-4-3-(3-)-2-1-5+. Jadi tina 5(la) kana 2(mi) disebutna kempyung/Kwint = Kwint 706 nyaeta hasil tina; 5-4-3-(3-)-2 ,"5(la)Tonika, NI(3-) Sub dominan Mi(2)Dominan.Itunganna nyaeta kieu 5(la) 141+141+212+212  2(mi)= 706. Tah ieu disebutna Lagom/modus MILA mi ti beulah katuhu la ti beulah kenca, jadi lain LAMI, tapi kudu MILA (Mawar Lumayng) ieu ngadeukeutan kwint/Kempyung 720 Cent.
#Tina Ti(4) kana Mi(2) disebutna kempyung kwint 635 Cent. hasil tina itungan (2 mi)-(1 da)- (5+ leu) - (5 la)- (4 ti) nyaeta 70+212+212+141 = 635 Cent.Tah ieu disebutna lagon TIMI (Tanjung Mekar), tapi naha aneh ieu mah jauh pisan Kempyung na jadi 635 Cents ngaduekeutan kana bates kempyung/kwint 600 atawa 630 cents siga beuki luhur rek ngahiyang ceuk urang Sunda Zaman Prabu Silwangi mah. Tah ieu nu ngajadikeun luar biasa nu disebut pelog sejati nu ngan aya di Urang Sunda (Jawa Barat), da nu di suku Jawa mah Pelog nateh ngan kempyung/kwin 666 2/3 cents, jarak nadana 133 1/3, aya salapan nada. Tapi di Urang Sunda oge sering di anggo ku Pa Koko Koswara jeung ditarima ku urang sunda teh , malah enak kakupingna sanajan harib-harib ka Urang Jawa. Malah diperbatasan Jawa Barat jeung Jawa Tengah ( di Cirebon)mah  gambelan pelog na nyaeta tea, tah kwintna 666 2/3 (pelog Pinandung atawa Pelog salapan Nada JATU LIGA SOPA). Masih keneh luhur kwint pelog Sejati/Pelog Ajeg Kwint 635 Cents. Nu di sebut luar biasa ku sim kuring nyaeta dina keur maen atawa keur nabeuh atawa ngawih make laras Pelog Sejati/Pelog Ajeg bisa pundah pindah lagon/patet/Kempyung/Kwint ti jarak Kwint 635 cents tepi ka 706 cents, jadi rasa urang bisa di bawa hiber diantara kwint nu ceuk Jaap Kunst genah keur dadanguan manusa. Mun disusunkeun patet atawa Kwmpyung/Kwint/Modus/Lagon tina pelog Sejati/Pelog Ajeg nyaeta kieu; 
                     
ka 1. MILA (MAWAR LUMAYUNG) 5 - 4  - 3  - (3-) - 2  = KWINT 706
ka 2. TIMI (TANJUNG MEKAR)  2 - 1  -(5+)-  5   - 4  = KWINT 635
ka 3. DATI (DEWANING TAMAN) 4 - 3  -(3-)-  2   - 1  = KWINT 706
 ka 4. NADA (NARA DIPA)      1 -(5+)- 5  -  4   - 3  = KWINT 706
ka 5. LANA (LAYUAN NAGASARI)  3 -(3-)- 2  -  1   -(5+) - 5 = KWINT 918, SANES KWINT/KEMPYUNG IEU MAH, LANA (LAYUAN NAGASARI) jadi tina la (5) ka na(3)ageung teuing ngaliwatan 720 cents, upami tina LEU(5+) ka NA(3) masih tiasa nyaeta kwint 706.(tapi naha 5+(LEU) tiasa diangge nada Dominan atanapi henteu?.. 
Ku aneh na deui di Suku Jawa kwint salendro gambelanana/rarasna dugi ka Kwint/kempyung 720 cents nu disebut salendro Pada Antara (Padantara/Tanpa Antara). Al hasil urang Jawa ngajagaan tibeulah rasa kwint 720 Cents, urang Sunda Ngajagaan rasa Kwint 635 Cents. Di Indonesia mah geus luar biasa kuatna silih jagaan antara Urang Sunda jeung urang Jawa, siga adi lanceuk dina hal kasukuan.
Sedengkeun musik diatonis/ musik barat/eropa Kwint na 700 cents atawa nepi ka 702 cents, musik ubahan mah kwint na 700 cents rata saratus tiap nadana aya 12 nada = 1200 cents. nada C ka nada G  (C-D-E-F-G)Kwint na 700 cents.Dina musik barat aya 7 Nada Dasar/Modus/lagon/Quint(kwint) Kres(#) jeung 7 nada Dasar/lagon/Modus/Kwint Mol(b). Diatonis ubahan mah rata kabeh na oge kwint nateh 700 cent rasana sarua satiap kwint Kres(#)C,G,D,A,E,B.FIS,CIS jeung nada Mol (b) F, Bes, Es, As, Des, Ges, Ces, sarua nu ngabedakeuna teh ngan ukur tinggi rendahna, jadi pasif baeh;mun dina nada dasar/lagon/ Modus C,G,D jeung nu lainna rasana teh sarua, sedengkeun guna na Modus/nada Dasar keur ngabedakeun rasa atawa suasana karakter musik. Musik diatonis ubahan mah moal bisa nepi kana  kwint 706 cents komo kana kwint 720 cents atawa komo kana kwint 635 cents. 
Tapi teu kitu adiluhungna /suci na musik Ilahi;Diatonis Barat/eropa boga kaanehan kudiayakeun modus/Lagon/ Kwint(Quint) artina rasana kudu beda-beda satiap modusna/nada dasarna.Maka musik barat ngagunakeun diatonis pithagoras, diatonis Kromatis, diatonis tepat jeung diatonis ubahan anu cents na ke di guar deui kahareupna. 
Ku ayana eta diramu dihijikeun jadi kwint na aneh jadi beda-beda bisa ngambah kana kwint 709 malah dina minor mah tina nada A kana nada E (rakitan minor) kwint na bisa nepi ka 617 cents;musik diatonis ngagunakeun cara oktafna tidak berimpit (henteu tepung gelang/teu tumbuk) eta nu ngabedakeun tiap nada dasar /lagona rasana beda sabab kwint na beda-beda. Tina nada C ka nada C tinggina/oktafna, lamun dua oktaf teh jarak cents na 1200 2 1200, maksudna tina nada c ka nada c oktafna tidak berimpit henteu tepung gelang kurang leuwih 2 cents tah eta nu ngabedakeun kwint satiap nada dasar jeung ngajadikeun tipeu-tipeu pikeun nyieun alat musik atawa wanda alat-alat musik.  saluyu jeung pendapat "Dwi Harjito tentang Filsapat Nada Musik barat oktafnya tidak berimpit", ngan hanjakal Dwi Harjito nyebutkeun musik barat tidak bisa dijadikan pola dasar/Induk musik dunia karena nada C nya tidak berimpit, jadi bukuna/ Filsafat nada, rada di tahan keberedaranana. 
Sedengkeun ceuk Mr. Jaap Kunst dina buku ILMU SENI RARAS karangan Raden Maryar Angakosoemadinata " Interval satu cents = interval 1/1200 octaaf= interval 1200 1/2 = 1200 2.Interval gembyang = oktaafsinterval  = interval 1200 cents=interval 1200 2 1200 = interval 2. Iterval kempyung (kwint) jang murni ialah interval 702 cents = 1200 2 702 =interval 3/2".(BUKU ILMU SENI RARAS HALAMAN 15).
Raden Maryar  lain ngan ngabukakeun Ilmu Raras keur urang Sunda wae tapi keur urang Jawa oge, malah keur urang luar Indonesia bisa dipelajari, Pa Rd Mahyar mah sok ngarebab oge dina lalaguan Jawa iringan gambelan Jawa, atuh musik baratna tukeuran elmu jeung MR Jaap Kunst. Da kitu mungguh Allah ku sucina seni Raras/seni musik diciptakeun ku anjeuna keur silih kenalkeun lain silih hinakeun/ lain silih dedetkeun da sadaya oege ti Allah seni mah suci mawa kasucian tinu nyiptakeunana. Jeung satiap Allah nurunkeun Laras/Raras/Musik pasti jeung manusana/umatna pikeun saling kenal/saling kanyahokeun. amiin.
(Ditulis di Bandung 2011 oleh IING SALKI,S.Sn lulusan STSI Denpasar 1996 DIII ASTI Bandung 1993)

== Kanyaah Kacinta Jadi Pamatri dina Ati RI 1 B.K JASMERAH (Kyai Sancang Maun) Suling sapuluh Liang  ==

Lamun seug anjeun aya datang nepungan kuring nu lawas nganti, tingnangtu ku kuring bakal dibagéakeun, tur moal pisah deui jati diri nu kungsi jangji rék bareng sapanjangna. Para pahlawan nu ngabela bangsa ayeuna kari neruskeun, tapi naha kuring mah can bisa jiga aranjeunna, nu arageung jasanna pikeun ka mekaran Bangsana dina sagala widang. Tariasa ninggalan jasa pikeun diteruskeun ku generasi-generasi alanyar.
Kuring Iing Salki,S.Sn ngimpleng/ mikiran kalimat tina tulisan Dwi Harjito ngeunaan anugrah Ilahi pikeun manusa, dina hal leungeun manusa. Yen enya leungen manusa mangrupa anugrah pikeun manusa anu malikir. Komo mun mikiran, naha ramo teh dipasihan ku Allah, aya sapuluh jarina.Lamun kurang ti sapuluh disebutna cacad, pon nya kitu lewih ti sapuluh cacad keneh disebutna, tah jadi nu sapuluh jari nu perlu disukuri mangrupa kanyaah ti Illahi pikeun manusa, jarinu lengkap henteu kurang henteu leuwih "SAPULUH RAMO/ SAPULUH JARI". 
Kuring IIng Salki, S.Sn mikiran deui dihubungkeun jeung Suling Sunda boa-boa ramo/jari manusa nu sapuluh bisa dipake nutupan liang suling ( digunakeun pikeun ngamaenkeun Suling Sapuluh liang/ Suling Lubang Sepuluh ).
Tina pamikiran eta kuring IIng Salki, S.Sn nyobaan nyieun suling anu liangna aya sapuluh, persis, liang suling anu genep, tinggal ditambahan tina liang anu genep dina posisi nyekel suling liang genep jadi sapuluh liangna. Jadi lamun rek niup suling Sunda lubang genep tinggal tong dibuka 2 indung leungeun jeung 2 cinggir.Al hasil suling Sunda wanda cianjuran nu geus aya nu liang na genep henteu robah, tetep siga titinggal karuhun baheula, ngan nu kuring sulingna ditambahan liangna jadi sapuluh. Henteu pisan-pisan ngarogah suling nu geus aya liang genep tibaheulana. Jeum malah rea anu geus nyarieun nambahan liang suling. Nu geus rada ilahar suling 7 liangna. Tapi kacida kagetna kuring waktu  diajak manggung ku lanceuk kuring Eti Sumiati, S.Sn, anu nyulingna Ku Pa Yeyep Guru SMKI (ayeuna SMK 10) anjeuna geus nyieun liang suling 8 liangna, kira-kira tahun 2011 harita manggungna jadi kuring harita ningali suling aya 8 liangna . Sora suling kacida ahengna jeung beda tinu 6 liangna atawa 7 liangna. Kuring ngobrol jeung pa Yeyep yen sabenerna Kuring IING SALKI, S.Sn, geus nyieun suling 10 Liang geus rada lila ti saprak balik ti Jakarta sangeus testing Di Direktorat kesenian Jakarta harita testing tahun 1997. Kapala DIRKES na Bpk. Saini Kosim.lulus cenah ngan aya penundaan biasa meureun teu mahi modal sagalana. Kuring mulang ti Jakarta. tahun eta keneh (1997) kuring nyobaan nyieun suling anu liangna 10. tapi sabenerna mah liang suling sapuluh  teh ka ilhaman baheula kuring pernah nyieun cocoan keur jaman Sakola di SPP/SPMA Ciamis. Harita kuring PKL (Praktek Kerja Lapangan) 6 bulan lilana di rawa onom (lakbok)  tahun 1988. Kuring nyieun empet-empetan ku jarami TERUS DILIANGAN  liang sapuluh, terus deui ku dahan gedang di siga sulingkeun make liang deui sapuluh liang. Ti harita sot baeh teu pernah inget deui. da kuring harita lain sakola seni nyaeta pertanian. Nya kaingetan deui harita balik ti Jakarta (DIRKES) tahun 1987. tah ti tahun ieun kuring nyobaan nyieun Suling 10 liang. (Di ngaranna ku Kuring Suling "KYAI SANCANG MAUN", kaingetkeun deui  baheula keur jaman di LAKBOK. Jeung  samulangna  ti Jakarta macaan BUKU TITI RARAS karangan Raden Maryar Anggakusumdinata. Dina eta buku ceuk pa Mahyar diakhir tulisan eta buku aya pelajaran suling tapi Pa Mahyar nerangkeun Suling ngan semet 6 liangna. Ceuk Pa Mahyar keneh, suling mah teu lekep teubisa sakabeh laras Sunda bisa diayakeun dina suling, malah dina gambelan oge teu bisa lekap, laras Sunda bisa di maenkeun. Nu lengkep larasna mah ngan aya dina Rebab jeung Vokal manusana/Sinden. Maka raden Mahyar salila 40 tahun terus berjuang ngabuktikeun pamikiranna naha dina gambelan teu bisa lengkap?  kakarek na rebab nu bisa teh. Nya akhirna kapanggih gambelan anu lengkap larasna Nyaeta 17 nada. Kakarek eta gambelan teh bisa ngamaekeun satiap RARAS, tapi sulingna mah can Kabahas. Karek Nepi ka 6 Liangna. 
Kuring IIng Salki, S.Sn tumanya dina diri 1. naha ari Suling teu bisa lengkap jiga rebab?,
                                          2. dina kacapi wanda cianjuran disebutna
                                             "KACAPI SULING", tapi naha  lamun Larasna         Salendro teu make Suling, jeung panambihna ku rebab, atuh meureun lain kacapi suling ngaranna nu kurebab mah berarti kacapi rebab. Kuring sok ngobrol jeung dosen ASTI harita, nyaeta Sunarto, S.Sn,lanceuk ipar kuring. Ceuk anjeunna cenah da lain kacapi suling, ari kurebab mah sabab, kacapi tembang mah ku suling di sebutna KACAPI SULING. Naha atuh atuh Salendrona teu ku suling ceuk kuring nanya. Jawabna ceuk Kang Sunarto "pedah ca aya nu bisaeun nyuling nu bener dina Raras Salendro.
Padahal ti harita kuring keur ngulik suling 10 liang, tapi teu bebeja ka inyana teh sabab kuring bisi salah sabab memang hese diajar deui suling 10 jari teh. Jeung kuring lain tukang maen Suling tapi kuring sepesialis rebab /sok ngarebab tepi ka ayeuna tahun 2012 di Goup Kandaga Pimpinan Bu Yeti Mamat. Tapi pertanyaan -pertanyaan eta anu terus aya na pikiran kuring , Piraku suling teu bisa siga rebab, kuring boga kayakinan Suling oge bisa siga REBAB lengkap larasna.Sabab Pa mahyar Oge nyebutkeun gamnbelan nu lima laras salendro 5  4 3 2 1/ la ti na mi da teu bisa lengkap larasna tapi ari di ulik mah geuning ka timu ku Pa Mahyar gambelan 17 nada anu bisa maenkeun sadaya laras. Al hasil sulingna can ka guar tah ku Pa Mahyar. Ayeuna istilahna Gambela selap. malah ku Pa ATIK di jelekong di goup wayang Asep sunandar Sunarya di praktekeun deui teori Pa Mahyar,gambelan selap mungkin mirip gambelan 17 nada, sok sanajan henteu persis, tapi kamotekaran urang sunda kabuka deui ku Pa Asep Sundar Sunarya. Tapi ari suling namah naha tetep lamun keur Laras Salendro teh suling mah cicing, tapi lamun gambelanna melog atawa nyorog pon nya kitu degung, suling teh  alus tumbuk bareng ngaleut sora suling, sinden rebab, gambelan tumbuk bisa aya larasnna. Tapi ceuk kuring (Iing Salki, S.Sn),  Piraku Sulingna Dina Keur Salendro Kudu Cicing. Eta oge anu jadi salah sahiji pamikiran kuring ngeunaan suling. 
Jadi Lamun Sulingna liangna aya Sapuluh kuring yakin Laras Salendro bisa Nuturkeun/ bareng, larasna lengkap malah, suling 10 liang/  10 jari ( Suling Sunda Kyai Sancang Maun) Larasna lenkap Siga dina tebab. Lagu ciajuran (Kacapi suling) dina laras Salendro oge bawa sekarna bisa disulingan ku suling 10 liang, nu ilaharna bawa sekar salendro dina kacapi suling cianjuran tara make suling, da memang can aya sulingna jeung nu nyulingna, tah suling 10 liang /10 jari mah bisa aya larasna. Kuring sok mindeng nuturkeun kaset rekaman bu Gugum Gumbira raras Salendro wanda Cianjuran , atawa raras salendro rekaman Bu Ida wati, disulingan deui ku kuring make suling KYAI SANCANG MA'UN, Kuring boga kayakinan suling 10 jai bakal ka buka jadi tambahan pikeun kamotekaran seni Sunda. Rek laras musik, rek pop sunda, geus puguh laras Urang sunda nu aya dina rebab lengkap aya dina Suling 10 liang/ 10 jari.  Muga-muga ditulis di Bandung  September 2012 ku IING SALKI S.Sn