Revision 410363 of "Sjarif Amin" on suwiki

{{delete}}
Sjarif Amin atawa Moehammad Koerdi, katelah Pa Kurdi di babarkeun di Ciamis, 7 Séptémber 1907. Dina kabiasaan literaturna, komo dina wanda jurnalistik Sunda, Sjarif Amin geus teu anéh deui. Lantaran méméh nulis carpon jeung novel, Anjeunna kaasup kana golongan ‘pionerr’ pérs Indonésia, anu dimimitian jadi wartawan surat kabar basa sunda Sipatahoenan. Nu di taun 1938 jadi pamingpin rédaksina, nepi ka awal 70-an. Aya sababaraha karya tulisna nya éta Di Lembur Kuring, Saumur Jagong, Keur Kuring di Bandung, jeung Perjuangan Paguyuban Pasundan 1914-1942. Lian ti tulisan tadi aya deuih karya saduran jeung tarjamahanana nya éta Kembang Patapan, Rajapati, Asal-Usul Logojo Paris, jeung Siddharta. Sedengkeun karya sastrana nu geus medal anu dibukukeun nya éta abu kajajadén, Nyi Haji Saonah, jeung Manéhna. Nepi dina taun 1990 Pa Kurdi dileler Hadiah Rancagé, dumasar kana jasa-jasana dina ngabeungharan sastra Sunda. 


==Rujukan==