Revision 410364 of "Kanceuh" on suwiki

{{delete}}
''Pangarang : [[Sjarif Amin]]''


Dua poé kuring teu incah ti imah. Katilu poéna kakara lunta. Teu puguh nu diseja, niat téh asal incah waé mimiti mah. Tapi tuluyna bet ngedegér nanjak ka beulah kalér.

Imeut pisan kuring mapay saurut-urut reureujeungan téh.

Pengheulana ngajugjug ka deukeut dungus. Kana gérémbél lebah tangkal surén, urut kuring duaan dariuk muru nu iuh.

Jumplukan eurih kasampak téh angger kénéh. Busikna urut kagirijig jeung ayeuh rebahna tapak ngadiukan, tacan robah.

Kawung nu nungku, rajeg dina biwir gawir, ogé teu pangling. Komo ka bungkul nu geus pugur mah. Angger kénéh waé ngalegenceng nunjuk langit, waruga kawas rorongkong ngajega! Ngan ka nu jeunah kuring rada kalinglap téh, anu béh lebak. Teges bener ayeuna mah kana kaayaanana téh. Nu mulus sampulur, leungeunna keur meujeuhna beuneur, naleuhneur sedeng manjing dibukaan téh, manahoréng geus aya tapak ngagadabah. Nu sabeulah leungeunna geus eumeur urut nu ninggur.

Malah nu sabeulah deui mah tapak magas!

Ari ka nu linduk handapeun tangkal angsana, kuring kagagas téh ras wakru dibetahkeun ku manéhna.

Da geus asak pasini rék papanggih lebah dinya harita téh. Saha waé nu heula datang, kudu ngadagoan. Atuh kuring ogé terus ngajentul waé.

Manahoréng manéhna geus leuwih ti heula datangna, ngan tuluy nyalingker di nu singkur, barang nénjo rentang-rentang kuring datang téh. Terus ngintip kuring nu mimiti lieuk beuheung sosonggéteun, nyangka manvhna can datang, mangkaning geus liwat waktuna nurutkeun jangji mah.

Ngan sajongjongan kuring ngajanteng lebah dinya téh. Da nyaho ayeuna mah euweuh arep-arepeun. Teu aya nu didagoan ayeuna mah, nu meunang pasini cara harita. Atuh nu bakal ngabetahkeun ogé moal aya ayeuna mah.

Sajeroning lunta téh rarasaan mah keukeuh asa duaan. Keur pipindahan ngudag-ngudag kalangkang tangkal camara, ngarah iuh.

Géléwér urut kuring jeung manéhna sésélékét. Lebah urut kuring duaan papuntang-puntang bari méh-méh tisorodot ka lebak, ngahaja ku kuring disorang deui. Malah terus nanjak nepi ka datarna, reureuh di nu iuh, urut kuring duaan nyawang ka sawah jeung cai nyurug ka walungan.

Araya kénéh jeung alangger kénéh baé kabéh ogé. Aranteng di satempat-tempatna, teu parindah pileumpangan, teu arincah balilahan. Bangun nu sabar, ngadagoan kuring datang deui babarengan.

Solokan ogé, urut kuring jeung manéhna meuntas ngaraas bari silih cekelan, angger lungsur-langsar kénéh waé ngocorna téh. Mana komo cara cukang awina mah. Awi tali tilu diréndéngkeun. Angger kénéh waé ngagolér, namprak-tumamprak, kawas nu ridoeun pisan dipaké titincakan téh. Malah bangun nu ngarasa bagja nyorang ditincak ku manéhna mah. Mangkaning didampal pibasaeunana téh, da kelom geulisna mah harita téh teu milu napak, paureun tisolédat.

Jukut kitu kénéh. Tangkal éta kénéh. Cukang jeung susukan, gawir jeung galéwér, éta-éta kénéh.

Tapi srekna kana hulu angen kuring, asa sagala lain, sagala salin. Lain nu basa kapanggih, disorang jeung disawang babarengan.

Jukut teu empuk deui. Kungsi maksakeun ogé kuring diuk, kalah asa rétép jeung asa rukap carucukan. Nu ariuh, nu lalinduk, anggur nambahan sarundek karasana téh. Anu plung-plong caraang ogé, kalah ngahudang lewang bayeungyang puyang-payengan.

Kaharti ari kitu téa mah, puguh lain éta nu diarah!

Kuring asruk-asrukan téh lain kangen ka “maranéhanana”. Lain, tapi saukur arék nanyakeun. Rék mapay raratan, sugan nyarahoeun ka mana losna manéhna. Atawa ka lebah mana ngilesna, manéhna, nu ditéangan ku kuring.

Jukut urut andiprekna, émok bari ngajambretan pucuk tatambagan, géléwér nu dipaké sésélékétna, solokan nu diancrubanana, cukang urut meuntasna…….., kabéh ku kuring ditalék. Dihantem dilelekan, sugan aya nu bisa méré raratan. Tapi hiji ogé taya nu bisa ngajawab, henteu némbalan ditanya téh, balem kabéh……

Kokoloyongan, kokotéténgan. Moal boa mun aya nu nyérangkeun mah, kawan Si Tumang leungiteun panutan, polah kuring téh. Atawa cara budak leuleungiteun, keur dihantem ditéangan. Ku apik-apikna, mani ngan sirikna teu unggal kalakay salambar-salambar disingkaban. Dikoréhan, bari dijampéan, “Nyusup mubuy, marangpang numpang……”

Sakumaha lelembutan nu nyusup, piraku henteu katimu, lamun cara kitu peta néanganana mah. Sakumaha leutikna nu leungit, sageuy henteu kapanggih, umpama kitu ngotéktakna mah. Cara prak-prakan kuring harita.

Tapi, nu dicukcruk ku kuring leuwih lembut ti tungtung jarum. Kuring leungiteun nu leuwih leutik ti éta, manéhna!

Panasaran, bisi nyumput handapeun kalapa ciung, ku kuring ditéang. Leuwih ditaléngténg. Leuwih dilelekan. Nepi ka diélékéték, dirampaan sela-sela palapahna, weléh teu daék waléh!

Mutuhna pisan, kuring kurulang-kuriling téh bari boga rasa manéhna ngaheureuyan. Nyumput nyalindung, nyalingker nyérangkeun kuring, cara basa keur ngadagoan handapeun angsana téa.

Wuri-wuri nuleungit terus ngilesna. Nu ditéangan terus musnana.

Ceuk tadi, asa moal kamana losna, da tétéla di dinya basa babarengan téh. Tétéla harita aya. Puguh jentul wujudna. Sidik jirim jinisna. Cara puguhna jentul kuring anu marengan manéhna. Tapi dihantem ditéangan, weléh teu kapanggih!

Sanggeus ngahuleng-ngajanteng duka sabaraha jongjongan, kuring ngusap beungeut bari istigpar, nyamahan manéh.

Pantes atuh. Sarébu kali dikotéktak dikoréhan ogé, piraku kapanggih nu leungit téh. Da nu ditéangan ku kuring mah lain nyumput dina rungkun, lain leungit di nu buni, lain musna di nu bala. Euweuh henteu kapisah ku jauh, teu kahalangan ku anggang, da nyalingker dina geter angen kuring sorangan. Nyumput nyalindungna dina tungtung jajantung kuring.

Atuh pugu waé, najan los kamana ogé kuring néangan manéhna, piraku kapanggih. Da nu ditéangan kapindingan jirim kuring, nu néangan!

Atawa…, teu leungit teu sing saenyana mah. Da éta mah angger aya. Tetep renggenek, anteng manteng dina geter angen kuring. Geus jadi milik kuring nu mutlak, ti barang kuring papanggih jeung manéhna. Geus pada-pada ikrar rék silih “pibanda”.

Ti harita nepi ka ayeuna, éta mah geus pageuh maneuh, ngageugeuh di galeuh deudeuh, nyakrawati dina sanubari kuring, ngahirupan mamaras rasa.

Moal aya anu wani nyisikudi, sumawonna ngaganggu ngaharubiru. Da ngancik dina hakna bawa ngajadi, di kuring, lain di nu lian.

Leungiteun sotéh kuring mah ku kurung raga badagna. Sidik éta mah leungit, da dipibanda ku nu lian, nu boga hak nurutkeun hukum.***


''Ieu carpon kungsi dimuat ulang di Majalah Balébat édisi kahiji.''


== Tempo deui ==
* [[Daptar carita pondok dina Basa Sunda]]