Revision 419775 of "Hui" on suwiki

{{Taxobox
| color = lightgreen
| name = Ubi jalar
| image = Ipomoea batatasL ja01.jpg 
| image_width = 250px
| image_caption = Umbi yang siap diolah
| regnum = [[Plantae]]
| divisio = [[Magnoliophyta]]
| classis = [[Magnoliopsida]]
| ordo = [[Solanales]]
| familia = [[Convolvulaceae]]
| genus = ''[[Ipomoea]]''
| species = '''''I. batatas'''''
| binomial = ''Ipomoea batatas''
| binomial_authority = [[Carolus Linnaeus|L.]]
}}

'''Hui''' atawa sok disebut ogé boléd nya éta beu[[beuti]]an nu ngandung [[karbohidrat]] anu luhung tur bisa dimangpaatkeun pikeun sumber kadaharan gaganti [[béas]] atawa [[jagong]]. <ref name="sumber ka hiji"> [http://www.warintek.ristek.go.id/pertanian/ubi_jalar.pdf Ubi Jalar] {{id}} (Diakses ping 20 Oktober 2011)</ref> Para ahli [[botani]] jeung [[tatanén]] naksir wewengkon asal hui téh nya éta di [[Selandia Baru]], [[Polinesia]], sarta [[Amérika]] Tengah.<ref name="sumber ka hiji"/> ''Nikolai Ivanovich Vavilov'', ahli botani ti [[Sovyét]], mastikeun wewengkon séntrum primér asal hui nya éta [[Amérika]] Tengah.<ref name="sumber ka hiji"/> Hui mimiti sumebar ka sakuliah dunya, utamana nagara-nagara tropis dina abad [[ka-16]].<ref name="sumber ka hiji"/> Urang [[Spanyol]] nyebarkeun hui ka wewengkon [[Asia]], utamana [[Filipina]], [[Jepang]], jeung [[Indonésia]].<ref name="sumber ka hiji"/> <br />
Di sawatara wewengkon, hui mangrupa salah sahiji komoditi bahan kadaharan poko. <ref name="sumber ka hiji"/>Hui téh salah sahiji komoditi kadaharan penting di [[Indonésia]] sarta dibudidayakeun ku masarakat ti wewengkon dataran handap nepi ka dataran luhur.<ref name="sumber ka hiji"/> Ieu tutuwuhan bisa [[adaptasi]] di wewengkon anu kurang subur tur garing.<ref name="sumber ka hiji"/> Ku kituna hui bisa ditarékahan sangkan bisa tumuwuh saban taun.<ref name="sumber ka hiji"/> Hui bisa dikokolakeun jadi rupa-rupa produk olahan.<ref name="sumber ka hiji"/> [[Daun]]na bisa dijadikeun [[lalab]] atawa [[parab]] ingon-ingon.<ref name="sumber ka hiji"/> [[Watang]]na bisa dijadikeun bahan pelakeun atawa parab ingon-ingon.<ref name="sumber ka hiji"/> [[Kulit]]na bisa dijadikeun parab ingon-ingon.<ref name="sumber ka hiji"/> [[Beuti]]na dijadikeun bahan kadaharan kucara dijieun [[kolek]], [[kelepon]], [[keremes]], [[kiripik]], [[bolu]], [[selé]], [[manisan]], jeung réa-réa deui. <ref name="Kanisius"> Dede Juanda, Bambang Cahyono. 2000. Ubi Jalar. Yogyakarta:Kanisius Hal. 13 </ref>

==Referensi==
{{reflist}}


[[Kategori:Tutuwuhan]]
[[Kategori:Palawija]]