Revision 603721 of "VIERA" on suwiki{{Infobox Company
|company_name=VIERA
|company_logo=[[File:VIERA logo.svg]]
|company_type= Televisi
|founder=
|foundation=2003 (TV plasma 32 inci)
|location={{flagicon|Japan}} Osaka, Jepang
|key_people=
|owner={{flagicon|Japan}} Panasonic Corporation
|revenue =
|slogan=
|net_income=
|subsid=
|homepage= [https://panasonic.jp/viera/ www.panasonic.jp/viera/]
}}
'''VIERA''' nyaeta mérek TV Plasma, LCD, jeung LED ti Panasonic asal Jepang. VIERA anu diwanohkeun taun 2003 dina wujud Plasma nu ukuranna 32 inci. VIERA
mangrupa akronim ti '''''"Visual Era"''''' janten kana digitalisasi televisi saatos pangalaman Panasonic nyieun TV salami 51 taun di Jepang ti taun 1952 (dina waktos éta layar masih hideung-bodas), sareng ngawanohkeun TV kelir taun 1960. Nami "VIERA" asalna ti kecap Rusia ''"VIERRA"'' anu hartina ''Opat''. Saencan VIERA, National/Panasonic aya model Quintrix nu kakoncara pikeun lami, ti taun 1974.
=National, mérek TV kahiji di Indonesia<ref>Hadimadja, Ramadhan Karta. 1994. "Gobel : Pelopor Industri Elektronika Indonesia Dengan Falsafah Usaha Pohon Pisang". Jakarta : Pustaka Sinar Harapan. ISBN 9794162892</ref>=
Lian ti eta, TV mérek National ogé boga sajarah anu panjang salaku mérek TV kahiji di Indonesia ti taun 1962. Saencanna, Thayeb Mohammad Gobel, jalma Gorontalo, nyieun radio transistor taun 1954 ngalangkungan P.T. Transistor Radio Manufacturing Co. Ltd. dina mérek "Cawang"<ref>[https://tirto.id/gobel-panasonic-berawal-dari-kesuksesan-radio-tjawang-cumL Gobel (Panasonic) Berawal dari Kesuksesan Radio Tjawang] - ''tirto.id'', 12 Agustus 2017</ref>. Gobel boga "Falsafah Tangkal Cau", sami sareng "Falsafah Ketok Cai"-na Matsushita Konosuke, naon nu produk kudu jadi méré mangpaat pikeun masarakat.
Presiden Soekarno nanyakeun Gobel : "Ku naon kamu jieun radio transistor?," Gobel ngajawabna : "Jadina ucapan Bapa bisa ngadéngé ka tempat anu kapencil : padesaan, lelengkung gunung, pulo kapencil, basisir pantai, sareng tempat lian anu sanés aya listrik". Ku sabab itu, taun 1957, ngalangkungan ''Colombo Plan'', Gobel diajar ka Jepang, di Matsushita Electric Co. Ltd., Osaka, sareng ditandatanganan perjanjian gawé bareng di taun 1960.
Gobel ogé nu ngawanohkeun TV ka masarakat Indonesia di taun 1962, margi Indonesia janten boga imah Asian Games ka-opat. Lantaran kitu, Gobel nunjukkeun P.T. Leppin Karya Yasa keur nyebarkeun 10.000 unit TV National salaku mérek TV kahiji di Indonesia. Siaran percobaan Televisi Republik Indonesia (TVRI) salami 7-jam kaping 17 Agustus 1962 dina wujud acara negara. Ngan harita, kaping 24 Agustus 1962, pembukaan resmi Asian Games ka-opat, ogé siaran resmi kahiji TVRI salami 21-24 jam.
Jadina TV National tiasa dijieun di Indonesia, bulan Agustus 1970, pabrik National/Panasonic kahiji di Indonesia diwangun di Kramat Jati, Jakarta Timur, ku nami P.T. National Gobel. Saatos eta, P.T. National Gobel mindahkeun pabrikna ka Gandaria, Jakarta Selatan, saencan tungtungna dipindahkeun ka Cikarang, Bekasi.
Taun 1974, model Quintrix eta janten model produk TV National/Panasonic anu kasohor lami, dugi TV plasma diluncurkeun taun 1996, jeung TAU Series diwanohkeun bulan Februari 1998. Di Jepang, TV nu ukuranna 16:9 geus diwanohkeun taun 1991.<ref>[https://100th.panasonic.com/global/category/1/ ''First-Time Products'' | Panasonic-100 ''YEARS of 'BETTER''']</ref>
=Pitur & téhnologi=
[[File:らくらくリモコン.JPG|200px|thumb|right|Remot VIERA]]
==Panel layar pangsaéna di dunya==
Lamun Quintrix boga layar 4:3, VIERA boga layar 16:9. Layar VIERA dirojong ku VM jeung ''Digital AI Naturalizer'', sareng ''Stereo Sound System'' level hiji. VIERA diluncurkeun taun 2003 dina wujud plasma jeung ukuran 32 inci. Ukuran 65 inci diwanohkeun taun 2005, sareng ukuran 103 inci di taun 2007 - TV pangbadagna di dunya.
==VIERA Link==
[[File:Viera_link_logo.jpg|200px|thumb|left]]
VIERA Link nyambungkeun sareng alat digital Panasonic lianna ngalangkungan HDMI sapertos DVD ''player'' DIGA (narima DVD Blu-Ray dina bulan Nopémber 2006), kaméra LUMIX, jeung ''SD Card''. VIERA Link diwanohkeun di Jepang kaping 8 Maret 2006 mun ngajawab tantangan ti ''"Familink"''-na Sharp AQUOS.
{{clear}}
==Layar 3-diménsi==
Lamun saencanna TV biasana boga layar 2-diménsi. Taun 2010, VIERA hadir dina layar 3-diménsi. Ngalangkungan kacamata 3D, panongton bakal dibawa sapertos janten dina acara TV anu nyata.
==''Life+ Screen''<ref>[https://www.panasonic.com/global/consumer/viera/2014_concept/ ''Life+ Screen'']</ref>==
Saencan Google taun 2016. Taun 2014, Panasonic ngawanohkeun pitur ''virtual assistant'' di VIERA ku nami ''"Life+ Screen"''. Lamun di Google aya ''"OK Google"'', lamun di Panasonic VIERA aya ''"My Stream"''. Ku nyebutkeun ''"My Stream"'', acara favorit anu disimpen bakal némbongan di layar.
==''Hexa Chroma Drive''<ref>[https://www.youtube.com/watch?v=LXsJhBc-gXk ''Hexa Chroma Drive'']</ref>==
Lamun kelir dasar TV biasana aya beureum, héjo, jeung biru. Taun 2015, VIERA ngawanohkeun téhnologi kelir dasar panganyarna, ''Hexa Chroma Drive'' (genep) : beureum, héjo, biru, cyan, magénta, jeung konéng pikeun tiasa nembongkeun gambar anu jelas, tingkat kacaangan nu tinggi, gradasi ireng nu optimal, sahingga ngahasilkeun jutaan kelir sing endah nepi teu aya hiji wae kelir nu tinggaleun. Hexa Chroma Drive ogé dirojong ku ''Professional 3D Colour Management System'' pikeun tiasa nyaluyukeun kelir kalayan leres.
=Catetan=
{{reflist}}
=Ramatloka=
*[https://panasonic.jp/viera/ www.panasonic.jp/viera/]
*[https://www.panasonic.com/id/consumer/home-entertainment/televisions/led-tv.html www.panasonic.com/id/consumer/home-entertainment/televisions/led-tv.html]
[[Kategori:Televisi]]All content in the above text box is licensed under the Creative Commons Attribution-ShareAlike license Version 4 and was originally sourced from https://su.wikipedia.org/w/index.php?oldid=603721.
![]() ![]() This site is not affiliated with or endorsed in any way by the Wikimedia Foundation or any of its affiliates. In fact, we fucking despise them.
|