Difference between revisions 9776 and 10043 on suwiktionary{{-su-}} {{-k k-|su}} '''adun''' '''ngadu''' # maén, [[tumpang|tumpangan]]an [[duit]]. "Kana ''ngadu'' mah ulah pirajeunan, sok deudeuieun." '''mangadu''' # nepungan pikeun ngelakkeun jalma nu nyieun teu ngeunah. "Béjana Kang Duyéh téh rék ''mangadu'' ka lurah, sabab wates tanahna digésér-gésér ku tatanggana." {{-k b-|su}} '''aduan''' # nu dianggap bakal unggul dina diadu. "Langlayangan ''aduan'' kuring mah itu nu gombrés." '''kuda adu''' # kuda anu sok dibalapkeun. "Anu meunang kamari téh ''kuda adu'' boga Haji Acun." '''domba adu''': # domba anu sok diadukeun. "Domba adu Aki Junéd kamari meunang piagem." === Babasan === '''ngadu-ngadu''' # ngakalan supaya ngajodo. "Saha nu ''ngadu-ngadu'' Jang Émed ka Neng Émeh téh?" # ngaranjing-ranjing sina masang. "Ari geus bérés nyugu jeung natahanana kari ''ngadu-ngadu'' wé pikuséneun téh." '''adu hareuan''' # jonghok. "Anu tadina rék ambek, barang geus ''adu hareupan'' mah kalah malik karunya." '''adu rényom''' # paréa-réa omong marrebutkeun perkara. "Bosen abdi mah, ti kamari ngan ''adu rényom'' anu teu pira." '''adu regeng''' # sataker tanaga. "Sakitu geus ''adu regeng'', weléh sampeu téh teu karabut." '''adu manis''' # disurup ngarah pantes. "Lamun hayang ''adu manis'', samping ieu mah kudu jeung kabaya pulas héjo ngora." '''ngadu-ngadu raja wisuna''' # ngahudang amarah dua jelema ngarah paséa. "Lamun kitu mah sarua wé atuh jeung ''ngadu-ngadu raja wisuna''."⏎ ⏎ [[ca:adun]] [[en:adun]] [[fi:adun]] [[fr:adun]] [[id:adun]] [[mg:adun]] [[zh:adun]] All content in the above text box is licensed under the Creative Commons Attribution-ShareAlike license Version 4 and was originally sourced from https://su.wiktionary.org/w/index.php?diff=prev&oldid=10043.
![]() ![]() This site is not affiliated with or endorsed in any way by the Wikimedia Foundation or any of its affiliates. In fact, we fucking despise them.
|